Dina salah sahiji poe, aya sakadang kelinci anu lumpatna gancang, namung anjeunna teh sombong. Pas anjeunna keur lulumpatan di lapang, anjeunna papanggih jeung sakadang kuya. Anjeunna teh moyokan kuya kumargi kuya teh leumpangna laun. Kuya teh teu tarima anjeunna dipoyokan ku kelinci, tangtu kuya teh ambek “anjeun teh ulah moyokan wae, lamun tiasa, kalahkeun abdi balapan lumpat!” saur kuya. Kelinci teh nampa ajakan kuya. Isukna kelinci jeung kuya teh balapan lari. Kuya teh tinggaleun jauh ku kelinci, namung anjeunna teh teu ngalah ku kelinci. Di teungah parjalanan, kelinci teh reureuh sakeudeung di handapeun tangkal. Pikir anjeunna, kuya teh jauh keneh ti anjeunna “reureuh heula ah sakeudeung, jauh keneh iyeu si kuya mah.” saur kelinci. Saking geunahna, kelinci teh sare di handapeun tangkal. Akhirna kuya teh tiasa nyusul kelinci jeung langsung jadi pameunangna. Pas kelinci teh hudang , anjeunna teh eling lamun anjeunna keur balapan lari jeung kuya. Anjeunna teh ngarasa era, kumargi tiasa dikalahkeun ku kuya.
100% Original Post By Cahyo Nugroho